Sunda -->

Advertisement

Sunda

Minggu, 28 Oktober 2018

Wargi JCS hayu ah urang diajar Bahasa Sunda. Tah ayeuna samemeh urang diajar ngupas perkawis tata bahasa Sunda sareng carita-carita sunda nu sejen na, urang mimitian (kawitan) tina nyebat musim-musim alias 'usum-usuman' anu biasa digunakeun urang tatar pasundan 'sunda' khusus na urang kidul.

Ih, kaleresan abdi tos ngiringan liliuran ngaseuk di Sampalan... Der ah urang kawitan...

Nu patali jeung kaayaan alam:

Usum katiga = usum halodo
Usum mamareng = usum mimiti rek ngijih
usum dangdangrat = usum panyelang antara halodo jeung ngijih
Usum ngijih = usum hujan
Usum barat = Usum gede angin (nu jolna ti kulon)
Usum selatan = usum gede angin nu jolna ti kidul

Nu patali jeung kaayaan masyarakat:

Usum pagebug = usum loba nu gering/panyakit
Usum sasalad = usum loba panyakit bari tepa
Usum patepok = usum loba kawin
Usum tigerat = usum kurang dahareun
Usum paceklik = usum kakurangan pare/dahareun

Nu patali jeung kaayaan tatanen di sawah:

Usum nyambut = usum mitembean ngagarap sawah
Usum morekat = usum nyawah leutik
Usum tandur = usum melakeun binih pare di sawah
Usum ngarambet = mangsa patani miceunan jukut nu jaradi diantara tangkal pare
Usum celetu = mangsa pare geus mimiti cul cel aya buahan
Usum beukah = mangsa pare geus loba buahna nu barijil
Usum rampak = mangsa pare geus rata/papak beukah
Usum panen = mangsa dibuat, ngala pare
Usum jami = sabada panen

Tatanen di Huma:

Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun
Usum ngahuru = meuleum kai jeung kakayon nu geus garing benang nyacar
Usum ngaduruk = meresihan sarta ngaduruk kai nu can kabeleuman waktu ngahuru
Usum ngaseuk = melak pare ku cara nyocog-nyocogeun kai meunang nyeukeutan tungtungna
Usum ngored/ngoyos = meresihan jukut nu jaradi diantara luwukan pare ku parabot kored
Usum dibuat/ngetem = ngala pare make parabot etem
Usum ngunjal = mawaan pare ti huma ka imah. Bersambung... (sa/rus)